Pérépét jéngkol nya éta
kawih kaulinan barudak
lalaki atawa
awéwé
tilu urang, nyarekelan leungeun bari patukang-tukang séwang-séwangan,
suku katuhuna diangkat tuluy bitisna dianyamkeun atawa lamun cara
tali mah ditalikeun sukuna kanu séjénna nepi ka pageuh jeung teu bisa lésot deui muringkel jiga anyaman
samak.
[1]Tuluy
sanggeus pageuh, leungeun barudak séwang-séwangan dileupaskeun tuluy
laluncatan muter ka beulah kénca atawa ka beulah katuhu bari kekeprok
nurutkeun wirahma lagu Pérépét jéngkol.
[1]Kitu
satuluyna, biasana dilakukeun ku sababaraha kelompok boh tili kelompok
atawa opat kelompok salobana pikeun lomba atawa pasanggiri anu tangtu
dina hal kaulinan barudak anu éléh biasana kudu turut ka nu meunang
jeung dibéré hukuman saluyu jeung paménta nu meunang, lamun teu nurut
biasana sok disurakan atawa digugurkeun tina kaulinan, ulah miluan deui
nepi ka nurutna, biasana budak anu sok amekan jeung pundungan nu tara
nurut téh, tapi dina maénna mah sok aya waé nu pundungan téh ngan ari
ngaran budak mah pundungna gé sok sakeudeung tara lila, asal maén
balikan deui sok teu weléh seuri
[1]Kieu rakitan kawihna:
Pérépét jéngkol
Jajahéan
Kadempét kohkol
Jéjérétéan.[1][2]
SUMBER : WIKIPEDIA ENSIKLOPEDIA INDONESIA
Posted in Kaulinan Urang Sunda
Kaulinan Urang Sunda: Perepet Jengkol