Jumat, 08 November 2013

Kaulinan Urang Sunda: Luncat Tali

Luncat tali nyaéta kaulitan ngaluncatan tali anu dicekelan ku duaan. Talina saeutik-saeutik diluhurkeun.
Dipaenkeun ku 3 urang-leuwih make tali nu panjang, biasana tina bahan nu leuleuy liat sangkan teu ngabahayakeun atawa tisaringked. Kulantaran iue, biasana tali teh dijeiun tina karet geulang ditumbu-tumbukeunkeun jadi panjang. Mimiti dua budak jaga, maksudna nu nyepengan ujung talina ti mulai semet tuur tuluy naek ka luhur ka semet "taeun" tuluy, bujal, dada, ceuli, hulu, tuluy diacungkeun ku leungeun.
Cara maenna, budak nu teu nyekel tali kudu ajleng saluhureun bates tali tea. Keur wates tuur jeung "taeun" nu ajleng teh teu teu meunang antel kana tali, antel manehna lasut alias kudu gentenan nyekel tali. Ti mimiti wates bujal ka luhur, nu ajleng meunang antel kana tali. Beunang oge make tehnik "dikepoh" nyaeta suku kenca meulit kana tali dipurilitkeun, tuluy disusul suku katuhu ngajleng ka beulah sisi sebrangeun nu ngajleng tea. [1]

SUMBER : WIKIPEDIA ENSIKLOPEDIA INDONESIA

Kaulinan Urang Sunda: Perepet Jengkol


Pérépét jéngkol nya éta kawih kaulinan barudak lalaki atawa awéwé tilu urang, nyarekelan leungeun bari patukang-tukang séwang-séwangan, suku katuhuna diangkat tuluy bitisna dianyamkeun atawa lamun cara tali mah ditalikeun sukuna kanu séjénna nepi ka pageuh jeung teu bisa lésot deui muringkel jiga anyaman samak.[1]Tuluy sanggeus pageuh, leungeun barudak séwang-séwangan dileupaskeun tuluy laluncatan muter ka beulah kénca atawa ka beulah katuhu bari kekeprok nurutkeun wirahma lagu Pérépét jéngkol.[1]Kitu satuluyna, biasana dilakukeun ku sababaraha kelompok boh tili kelompok atawa opat kelompok salobana pikeun lomba atawa pasanggiri anu tangtu dina hal kaulinan barudak anu éléh biasana kudu turut ka nu meunang jeung dibéré hukuman saluyu jeung paménta nu meunang, lamun teu nurut biasana sok disurakan atawa digugurkeun tina kaulinan, ulah miluan deui nepi ka nurutna, biasana budak anu sok amekan jeung pundungan nu tara nurut téh, tapi dina maénna mah sok aya waé nu pundungan téh ngan ari ngaran budak mah pundungna gé sok sakeudeung tara lila, asal maén balikan deui sok teu weléh seuri[1]Kieu rakitan kawihna:
Pérépét jéngkol
Jajahéan
Kadempét kohkol
Jéjérétéan.[1][2]

 SUMBER : WIKIPEDIA ENSIKLOPEDIA INDONESIA